Asep Dan Statusnya..


Bahasa asli:

Basa umur Asép 23 taun, manéhna kawin ka randa geulis anu umurna 35 taun, randa éta téh boga anak parawan umur 12 taun.

Sanggeus 5 taun rumah tangga, anak téré Asép bogoheun ka Bapana Asép anu mémang geus lila ngaduda, tuluy maranéhna kawin, hartina meureun Bapana Asép téh sakaligus jadi minantu Asép, pon kitu deui anak téré Asép sakaligus jadi indung Asép sabab kawin ka bapana Asép.

Kaayaan beuki lieur sanggeus Asép boga anak lalaki ti randa téa, meureunan anak Asép téh jadi adi anak téréna sakaligus meureun anak Asép téh jadi adi Bapana Asép, hartina meureun anakna Asép téh sakaligus jadi emangna Asép.

Sanggeus sataun, pamajikan bapana Asép ngalahirkeun anak awéwé, hal ieu hartina meureun anak awéwé éta jadi incu Asép sabab Asép salaki ti ninina, sakaligus jadi adi Asép sabab budak awéwé éta anakna bapana Asép.

Pamajikan Asép téh indung anak téréna, jeung anak téréna jadi indung Asép da kawin ka bapana, hal ieu berarti pamajikan Asép sakaligus jadi ninina Asép sabab pamajikan Asép jadi ninina adina Asép.

Lamun pamajikan Asép jadi ninina, berarti Asép ogé jadi incuna pamajikan Asép.

Cobi emutan…


Terjemah Bebas:

Ketika Asep berusia 23 tahun, Asep menikahi seorang janda cantik berusia 35 tahun, janda tersebut memiliki anak gadis berusia 12 tahun.

Setelah 5 tahun berumah tangga, anak tirinya Asep jatuh cinta kepada Ayahnya Asep yang memang sudah lama menduda, setelah mereka menikah, maka Ayahnya Asep pun sekaligus menjadi menantunya Asep, begitu juga anak tirinya Asep sekaligus menjadi ibu tirinya Asep karena menikah dengan Ayahnya Asep.

Keadaan semakin membingungkan setelah Asep memiliki anak lelaki dari janda tersebut, maka anaknya Asep menjadi adik dari anak tirinya sekaligus anaknya Asep menjadi adiknya Ayahnya Asep, yang artinya anaknya Asep pun sekaligus menjadi pamannya Asep.

Setelah setahun, istrinya Ayahnya Asep melahirkan anak perempuan, hal ini artinya bahwa anak perempuannya menjadi cucunya Asep karena Asep adalah suami dari neneknya, sekaligus menjadi adiknya Asep karena anak perempuan tersebut anaknya Ayahnya Asep.

Istri Asep adalah ibunya anak tirinya, dan anak tirinya menjadi ibunya Asep karena menikah dengan Ayahnya Asep, hal ini berarti istrinya Asep sekaligus menjadi neneknya Asep karena istrinya Asep menjadi neneknya adiknya Asep.

Jika istrinya Asep menjadi neneknya, berarti Asep juga menjadi cucunya istrinya Asep.

Coba bayangkan..